Mun Teu Diwengku Ku Agama Tanwande Bakal Cilaka

Tumuwuhna elmu pangaweruh jeung teknologi geus mawa pangaruh anu pohara rongkahna keur kahirupan manusa. Kiwari jigana mah hese nyiar manusa nu teu katoel ku pangaruh elmu pangaweruh jeung teknologi. Utamana sanggeus manusa bisa nyekel teknologi informasi jeung tranportasi. Ti harita planet bumi, hususna, saolah-olah ngaleutikan.

Manusa sakolong langit geus jiga masarakat hiji kampung gede bae. Hiji jalma nu aya di hiji tempat geus moal hese narima informasi nu sumberna di tempat sejen sok sanajan dua tempat kasebut pajauh, salila aya alatna. Contona, beja nu sumberna di Amerika, geus bisa ditarima ku pamiarsa televisi Indonesia di imahna sewang-sewangan. Ti heula narima atawa ngirim informasi teh sok kudu dijugjug ka tujuanana. Sanggeusna aya telepon, nepi ka urang dimungkinkeun nyarita langsung jeung nu dituju sok sanajan paanggang. Kiwari mah geus leuwih ti kitu, sabab urang geus dimungkinkeun ngagunakeun pesawat telepon genggam, faksimile jeung internet. Nalika Nabi Muhammad SAW nyarios ka umatna, kudu enya-enya nyiar elmu sok sanajan kudu ka nagri Cina, harita can kauteukan ku para sahabat, kumaha carana ngajugjug ka eta nagri. Sabab, salian ti tempatna jauh oge can aya alat tranportasi nu luyu jeung kabutuhan. Tutumpakan dina mangsa harita mah ukur onta. Sedengkeun ti jazirah Arab ka Cina can aya jalan anu ngeunah.

Kiwari mah caritana geus beda deui. Manusa geus bisa nyiptakeun rupa-rupa alat transportasi luyu jeung fungsina. Aya nu ngahaja dijieun pikeun di darat saperti mobil, kareta api jeung sabangsana. Sawarehna aya nu digunakeun di laut saperti parahu, kapal jeung sajabana. Malah aya nu digunakeun di awang kayaning kapal udara.

Luyu jeung mekarna elmu pangaweruh jeung teknologi, kiwari geus ngawujud kareta api nu lumpatna leuwih ti lima ratus kilometer perjamna. Aya deui kapal udara nu bisa narabas awang-awang dina waktu sakilat nu dingaranan Concord. Pangaruhna Kamajuan elmu pangaweruh jeung teknologi teh mibanda kauntungan jeung karugian sakaligus. Jelasna, mawa pangaruh positif jeung negatif pikeun manusa hususna jeung lingkungan hirupna dina kahirupan umumna.

Ngeunaan pangaruh positif teu salah deui mangrupa kabutuhan nu teu bisa diengkekeun deui. Sabab, sagala hal anu hade ajenna pikeun kahirupan manusa eta wajib diusahakeun ku manusa keneh. Manusa kudu bisa ngaronjatkeun ajen kahirupanana ku dirina sorangan. Kitu teh luyu jeung pidawuh Allah SWT dina Al-Qur’an. Allah SWT moal ngarobah kaayaan hiji kaom lamun maranehna teu ngusahakeun parobahan keur diri maranehna. Katerangan kasebut nuduhkeun, yen sok sanaos Mantenna Mahakawasa, Allah SWT meredih sangkan manusa bisa ngamangpaatkeun akal budina dina raraga ngama’murkeun planet bumi ciptaan Allah SWT. Hartina manusa dibere otoritas keur ngajadikeun dirina sangkan jadi warga masarakat nu berbudaya.

Di sagedengeun ti eta, alusna mah jadi manusa nu bisa mere mangpaat kahadean kana nu lian. Sabab, salah sahiji prinsip nu kudu dimumule dina kahirupan urang sapopoe nyaeta sikep hirup sabilulungan jeung gawe babarengan. Kamajuan elmu pangaweruh jeung teknologi oge ngabalukarkeun hiji ancaman pikeun manusa. Utamana pikeun manusa nu ngabogaan pamadegan yen elmu pangaweruh jeung teknologi teh sagala-galana.

Kurang leuwih salawe taun katukang kungsi kabejakeun, di hiji nagara maju di Eropa ngan ukur sapuluh persen rahayat di eta nagara nu enya-enya ngalaksanakeun atikan agama. Maranehna mah ngarasa geus cukup ku ngajadikeun elmu pangaweruh jeung teknologi minangka padoma hirupna. Nepi ka harita teh aya panelah “scientific creed”. Hartina kira-kira sahadat elmu pangaweruh.

Kaayaaan saperti kitu teh dina mangsa harita mah mangrupa perkara lumrah di nagara maju mah. Lord Brain (1966) dina salah sahiji bukuna nandeskeun sikep hirup manusa nu ngan ukur minuhan kabutuhan material bari mopohokeun kabutuhan spiritual teh disebut manusa nu mibanda sikep hirup nu beku, ngabatu (frozen emotional attitude).

Tegesna, hirup manusa nu kitu teh sarua jeung ngajadikeun elmu pangaweruh jeung teknologi nu ngabogaan kakawasaan tanpa wates. Nitenan Kahirupan Mun pareng nitenan tumuwuhna kahirupan bangsa urang hususna nu sipatna lahiriah, teu mustahil bakal aya di antara urang nu pesimis. Ngarasa honcewang jeung sieun boh bisi kamajuan lahiriah nu disebut bieu teh ngabalukarkeun kajadian nu kungsi kaalaman ku bangsa deungeun. Nyatana ngajauhkeun tina atikan agama jeung nukang-nonggong ka Allah SWT nu murbeng alam.

Tina sawareh nu pesimis, nyodorkeun conto, kiwari teu saeutik budak nu teu satia ka indung bapana sorangan. Ngaheulakeun ulin batan indit ka tempat pangajian. Sawatara budak sakola katembong kurang daria dina nyanghareupan mata pangajaran normatif saperti atikan agama. Malah, aya budak nu meakkeun waktu di tempat-tempat hiburan, pertokoan jeung sabangsana. Malah sawarehna ngahaja keur dina waktu sakola. Indit ti imahna mah bebeja rek sakola, nyatana?

Gambaran nu disebutan bieu sok sanajan teu bisa disakompetdaunkeun di unggal tempat, jelas teu bisa disumputkeun. Ku kituna sikep nu dibutuhkeun ku urang kiwari nyaeta ngaronjatkeun kawaspadaan ku jalan miara kaayaan nu luyu jeung kaperluan numuwuhkeun kahirupan nu hade. Situasi kondusif nu dimaksud teh nya eta sisi-sisi kahirupan manusa nu teu diwengku ku atikan agama moal bisa ngahontal kabagjaan sajati.

Sangkan meunang kabagjaan nu sajati, hirup jeung kahirupan manusa kudu diwengku ku atikan agama. Nabi Muhammad SAW kantos sasauran nu maksadna kieu: Kabeh manusa dijamin moal sasar dina hirupna salila nyekel pageuh kana katangtuan Al-Qur’an jeung Al-Hadits. Hartina mun kahirupan manusa teu diwengku ku agama tanwande bakal cilaka. Mugi Gusti nangtayungan abdi sadaya tina sagala rupi godaan setan sareng tipu daya dunya. Amiin.

(Mahmud Yunus)

Sumber : Munara Cahya Mangle Online.

Cocoba ka Jalma Mu’min

Munara Cahya

Ku KH. Mahpuddin Noor *)

Dawuhan Alloh Swt. : Ahasiban nasu ayyutrokuu ayyaquuluu aamanna wahum laa yuftanuun. Hartosna : “Naha manusa teh ngarasa dirina cukup ku sabab geus nyebutkeun ‘kuring iman’, padahal manehna bakal diuji deui.” (QS. Al-Ankabut: 2).

Sakabeh manusa nu ngaku kana kaimanan, ngayakinkeun ku hate, ngucapkeun ku lisan, kalayan milampah ku amal pagawean, geus pasti bakal meunang cobaan ti Alloh SWT. Cobaan nu bakal tumiba ka jalma nu iman teh bentukna beda-beda antara jalma nu hiji jeung nu sejenna. Jungtrungna, cobaan teh bisa ngahiji jeung rupa-rupa kahirupan manusa, ibaratna; harta kakayaan, kamiskinan/kafakiran, kalungguhan atawa kakawasaan, wanita, jeung sajabana.

Harta Banda

Kahayang pikeun mibanda harta nu saloba-lobana ngarupakeun naluri pikeun sakabeh jalma, memang kitu teh teu disalahkeun dina ajaran agama oge, sakumaha kaunggel dina sababaraha ayat Al-quran atawa dina hadits Nabi ngeunaan kakuduan pikeun ngabogaan harta nu saloba-lobana bari make cara-cara nu dibenerkeun tur dihalalkeun numutkeun ajaran Islam. Ku sabab kitu, tarekah pikeun ngojayan kahayang ngabogaan harta banda ngajadikeun hiji taruhan tur silih balapan jeung papada manusa. Anu akibatna, bakal loba jalma nu kajiret dina hiji rebutan ngudag kahayang ku cara-cara anu teu dibenerkeun atawa diharamkeun ku agama, antukna bisa ngageser niley-niley kaimanan.

Harta banda nu dipimilik ku sakabeh manusa, bakal bisa ngarobah rupa-rupa pasualan hirup ti nu mustahil jadi sagala mungkin. Ku harta benda manusa bisa nyulap naon wae nu dipikahayang ku cara ‘simsalabim’, bakal gampang boga imah mewah, mobil pangalusna, pakean jeung rarangken diri anu marahal, gaya hirupna sarwa modern, lengkah-polahna salilana jadi tontonan batur. Atawa ceuk basa sejen mah manehna bisa ngalakukeun naon wae sakarepna jeung sakahayangna.

Palebah dieu manusa kudu inget yen kaayaan sarupa kitu teh kalolobaanana sok matak mohokeun kana kaagungan Alloh SWT, Nu nyiptakeun, Nu welas Asih, Nu maparin harta jeung kakayaan ka sakabeh mahluk-Na

Satuluyna kadar kaimanan manehna nalika kitu teh keur dicoba ku harta banda nu lubak-libuk. Padahal harta nu dibikeun ku Alloh ka manusa teh mangrupa hiji amanah nu kudu difungsikeun, kudu dinafkahkeun kalayan bener jeung adil numutkeun katangtuan ajaran Islam. Dina harta nu dipimilik ku sakabeh jalma-jalma lemah (dhuafa) jeung nu sejenna nu kudu dikaluarkeun teu bisa difungsikeun atawa teu bisa dilaksanakeun sakumaha kuduna, tinangtu cobaan teh gagal, alias teu lulus dina ujian. Anu saterusna kahirupan manusa bakal hina sarta kadar kaimanana nyirorot ngempesan, malahan teu mustahil imanna jadi leungit lantaran kasombongan ku akibat kalobaan harta.

Lain baheula kumaha solehna Korun, malah ceuk sawareh riwayat waktu malarat mah jadi sobat dalitna Nabi Musa jeung nabi Harun nya inyana ditambah bisa neuleuman kitab Toret, hanjakal banda geus ngalolongkeun manehna. Antukna jadi pindah cai pindah pileumpangan, malah geus embungeun deui ngabalad-ngabalad acan jeung dua Nabi eta, tapi justru leuwih kabengbat pikeun ngayakeun hubungan dalit jeung Fir’aon.

Ahirna apan geus pada apal, balukar kasombonganana, Korun kudu ngalaman katalangsara: dikubur hirup-hirup jeung hartana. Pok kitu Firaon (silib tina kakawasaan anu gede hulu), haman (totonden ti pulitisi anu teu weleh tunggul di rarud catang dirumpak), jeung junud (silib ti bala tentara anu owah gingsir leuwih bumela ka Fir’aon tinimbang ka sakumna rahayat) dikerebekkeun di sagara. Eta oge cenah Fir’aon kungsi sadar tina katakaburana ngaku ka Pangeran Nabi Musa. Amantu bi robbi Musa wa Harun. Hanjakal atuh kasadaran geus telat sabab nyawa geus aya ditungtung ti koro kesedek ku cai laut anu geus minuhan dadana. Bati kaduhung sagede gunung. Ngalajur napsu badan anu katempuhan.

Kamiskinan atawa Kafakiran

Kumaha wae bentukna, atawa di mana wae ayana ngaran kamiskinan nyaeta hiji hal anu kalintang dimusuhanana ku sakabeh manusa. Sabab umumna jalma miskin jeung jalma fakir sok pada ngahina jeung pada moyokan, disapelekeun, diapilainkeun ku jalma-jalma kaya. Pikeun jalma kaya kuduna ngabogaan kayakinan yen kahirupan di alam dunya teh salilana papasangan, atawa patojaiyah, aya nu kaya, aya nu miskin, aya lalaki, aya awewe, aya beurang aya peuting, jeung saterusna. Nu kitu teh numutkeun ajaran Islam disebutna “Sunnatullah”.

Ku lantaran kitu, sakabeh jalma nu iman bakal diuji atawa dicoba ku kamiskinan jeung kafakiran. Katingalina cobaan samodel kieu teh bakal karasa leuwih beurat. Memang sajujurna sakabeh manusa ngabogaan hasrat pikeun hirup bruh-breh sagala aya, bro di juru bro di panto, lesot tina rereged kamiskinan jeung kafakiran. Sampurna mah, sakabeh manusa miharep kabagjaan hirup di dunya jeung kasenangan engke di aherat. (hasanah fid dunya, hasanah fil akhirat).

Dina hiji riwayat sohabat Nabi Ali bin Abi Thalib kantos nyanggem kieu: “Saupamana kamiskinan teh ngawujud siga manusa, rek dipaehan ku kaula…” Nyakitu deui Nabi saw, kantos ngadawuh anu unggelna kieu, Kadal fakru ayyakuna kufron, aya kalana kafakiran teh bisa ngajadikeun kufur ka Alloh”.

Dumasar tina katerangan tadi, dina nyanghareupan cobaan anu wujudna kamiskinan atawa kafakiran, pikeun jalma anu iman, kudu tetep usaha (ihtiar) kalayan jujur jeung ihlas, sarta tawakal ka Alloh SWT, bari sabar nyanghareupan pasualan jeung kanyataan hirup, kalayan dibarengan ibadah jeung menta kamanten-Na, tah ku cara kitu teh kaasup jalma anu lulus tina ujian jeung cobaan.

Kalungguhan jeung Kakawasaan

Kalungguhan jeung kakawasaan lir ibarat mahnit nu salilana ngagoda jeung ngarongrong naluri manusa, beh dituna kakawasaan bisa ngeundeuk-ngeundeuk kahirupan manusa. Sakabeh manusa bakal pasti mikahayang naon nu disebut “kalungguhan” jeung “kakawasaan” nu luhung, nepi ka ngudag-ngudag pikeun ngahontal kalungguhan jeung kakawasaan dilakukeun beak karep, teu balad teu dulur bisa dikorbankeun, rahayat leutik nu teu tuah teu dosa milu jadi korban, lamun perelu perang oge teu panasaran, pikeun ngahontal kakawasaan.

Thomas Hobbes, ahli dina filsafat jeung pangamat pulitik ulung ti nagara Inggris, ngahartikeun: “Kakawasaan manusa teh lir ibarat ambekan nafas atawa denyutna jajantung manusa. Sapanjang manusa masih hirup, manehna bakal tuluy-tuluy urusan jeung kakawasaan, naha sabage pangawasa atawa sakadar nu dikawasa.”

Satuluyna lamun kalungguhan jeung kakawasaan geus dicekel, maka eta kalungguhan jeung kakawasaan teh hayang mertahankeun salilana, embung turun atawa eureun tina kalungguhan jeung kakawasaan. Anu antukna bakal kajadian naon anu disebut “abuse of power”, nyalahgunakeun kalungguhan pikeun kalanggengan kakawasaan, atawa pikeun kalanggengan ‘status quo’. Falsafah nu dianutna nyaeta: “Kakawasaan aya di leungeun katuhu, jeung kakayaan bakal ngocor di leungeun kenca”. Ku sabab eta, teu saeutik jalma nu boga kalungguhan jeung kakawasaan hirupna jadi sombong jeung poho kana diri, naon wae bentukna kalungguhan jeung kakawasaan teu aya sanes iwal ti hiji ‘amanah’ ti Alloh SWT. Resikona, satiap amanah kudu dipertanggung jawabkeun ka Alloh dina poe kiyamah, mangrupakeun pangadilan nu teu aya pangbelaan deui, iwal ti ku amal soleh.

Dina sajarah, remen disebutkeun yen ayana jalma-jalma nu dolim nalika manehna keur nyekel kalungguhan jeung kakawasaan. Urang masih inget kumaha jalma nu kawasa saperti “Fir’aun”, Maha Raja pangawasa Mesir waktu harita, kalungguhanana moal aya nu nyaruaan, komo deui ngaluhuran. Dibarengan ku kasombonganana, nepi ka manehna ngomong: “Ana Robukumul ‘anla.” Ku sombong-sombongna Fir’aon tepi ngaku-ngaku jadi Pangeran sagala apan. Ngabewarakeun ka sakumna rahayat Mesir pikeun taat ka manehna. Ceuk anggeuhanana euweuh jalma di alam dunya anu bisa ngaluhuran jeung mapakan dirina.

Godaan ti Wanita

Salah sahiji tabi’atna manusa nyaeta ngabogaan rasa cinta jeung kaasih ka papada lian jinisna, lalaki resep ka awewe, atawa sabalikna. Numutkeun kodratna nu ilahar awewe leuwih defensif bisa nahan karesepna ka lalaki, sedengkeun lalaki mah condong leuwih opensif jeung teu bisa ngadalikeun atawa nahan karesepna ka awewe. Ku sabab kitu, ilaharna lalaki gampang kapincut jeung kagoda ku awewe. Dina hal ieu, ngaran cobaan atawa ujian nu paling beurat jeung paling bahaya. Rosulullah saw parantos ngadawuh dina hadits anu ungelna kieu: “Teu aya ujian nu leuwih bahaya pikeun kaum lalaki, iwal ti godaan nu datangna ti kaum wanita.” (HR. Bukhari).

Opat rupa hal ieu anu salilana bakal ngajadikeun cobaan pikeun jalma anu ariman. Mudah-mudahan urang sadaya dipasihan kakuatan, kasobaran teu kabongroy ku lubak-libukna harta, sobar dina kaayaan miskin, teu ambisi kana kakawasaan, sarta teu gampang kagoda ku istri-istri nu lian. ***

*) Dosen Universitas Islam Negeri SGD Bandung

Miharep Ramadhan Salawasna

“Lamun umat kaula apal kana hikmah nu dikandung dina bulan Ramadhan, tinangtu maranehna baris miharep dijadikeunana bulan-bulan saterusna saperti bulan Ramadhan.” Pidawuh Kanjeng Nabi Muhammad SAW di luhur tujuanana tangtu pikeun numuwuhkeun kasadaran diri urang patali jeung pentingna bulan Ramadhan, hiji bulan nu pinuh ku rahmat, barokah, jeung magfiroh Allah SWT.

Pikeun umat Islam nu geus apal hikmah jeung ni’matna bulan Ramadhan, geus pasti baris ngamangpaatkeunana kalawan optimal. Kituna mah pantes, sabab bulan Ramadhan teh, saur Nabi Muhammad SAW oge, bulan nu dina bagian awalna pinuh ku rahmat Allah, bagian pertengahanana pinuh ku ampunan Allah, jeung bagian ahirna momen dibebaskeunana jalma-jalma nu puasa tina seuneu naraka.

Di jaman Rasulullah SAW, basa Ramadhan geus ampir tuntas, para sahabat sedih taya di kieuna. Malah saking teu kuatna, teu saeutik nu ngeclakeun cimata. Lian ti kasieunan teu tepung deui jeung bulan Ramadhan teh, oge kacida beuratna ditinggalkeun ku hiji bulan nu pinuh ku rahmat, barokah, jeung ampunan Allah SWT.

“Wahai Rasulullah, kumaha lamun bulan Ramadhan ieu diperpanjang deui ?” Kitu ceuk para sahabat. Naon nu diusulkeun ku para sahabat teh ngagambarkeun kacida pentingna bulan Ramadhan, boh lantaran hikmah nu dikandungna, boh lantaran ku gedena pahala ibadah dina bulan Ramadhan. Nepi ka para sahabat usul mun bisa mah Ramadhan teh diperpanjang waktuna.

Kunaon bisa kitu? Jawabanana teu hese, saperti saur Rasulullah nu geus dikutip di luhur. “Lamun umat kaula apal kana hikmah nu dikandung dina bulan Ramadhan, tinangtu maranehna baris miharep dijadikeunana bulan-bulan saterusna saperti bulan Ramadhan.”

Bulan Istimewa
Bulan Ramadhan bisa disebut bulan istimewa. Lian ti amal ibadah urang baris diganjar ku pahala nu dilipetgandakeun, oge ngandung hikmah nu kacida gedena. Ieu pisan di antarana nu ngadorong para sahabat harita miharep sangkan Ramadhan teh bisa terus manjang.

Puasa Ramadhan memang istimewa. Saur Abu Hurairah, Rasulullah SAW kantos ngadawuh kieu, “Sing saha nu puasa dina bulan Ramadhan kalawan didadasaran ku kaimanan jeung bener-bener make perhitungan, mangka Allah baris ngahampura dosana nu geus kaliwat.” (HR. Bukhari Muslim).

Dina waktu nu sejen, Rasululullah SAW oge kantos nandeskeun kieu: “Henteu aya saurang oge nu puasa sapoe wae karena Allah, iwal ti Allah bakal ngajauhkeun beungeut eta nu puasa tina seuneu naraka dina jarak tujuh puluh taun.” (HR. Bukhari Muslim).

Hadits-hadits di luhur tangtuna oge bisa jadi motivasi dina ngalaksanakeun ibadah puasa. Amal ibadah sejenna, oge tiangtu baris terus digiatkeun. Rasulullah SAW masihan conto kumaha dirina terus ngaronjatkeun porsi jeung kualitas ibadahna. Lian ti ngalobakeun sedekah, maca Qur’an, shalat, zikir, i’tikaf, oge qiyamullail. Malah, anjeunna ngahususkeun sababaraha ibadah, nu henteu dilaksanakeun ku dirina dina bulan-bulan sejen.

Ibadah puasa memang istimewa. Gusti Nu Maha Suci geus janji baris ngabulkeun doa jalma nu ngalaksanakeun puasa. (QS. Al-Baqarah: 186). Malah di aherat engke, jalma-jalma nu di dunyana ngalaksanakeun ibadah puasa mah meunang “perhatian & perlakuan” istimewa. Saur Rasulullah SAW, “Saestuna di sawarga teh aya panto nu disebut ‘Ar-Rayyan’ tempat asup maranehna nu puasa, dina poe kiamat. Henteu bisa diasupan, iwal ku jalma-jalma anu puasa. Maranehna dicalukan (ku malaikat penjaga): ‘Mana jalma nu puasa ?’, mangka nu paruasa oge arasup. Henteu bisa asup ka eta panto, iwal maranehna (nu puasa). Jeung sanggeus kitu, eta panto oge ditutup, jeung sakali deui henteu bisa asup iwal ti maranehna (nu puasa) wungkul.” (HR. Bukhari Muslim).

Puasa oge tameng. Kitu saur Rasulullah SAW. Dunya kedokteran oge nandeskeun bisa nyehatkeun. Puasa, sacara mental ngabukti, mampuh najemkeun fungsi inderawi jeung ngalatih nu ngalaksanakeunana pikeun ngadalian hawa nafsu. Sacara fisik, puasa oge ngabukti bisa nurunkeun tekanan darah jeung kadar lemak.
Puasa tangtu lain saukur tameng. Puasa, oge geus pasti lain saukur matak sehat. Puasa, oge bisa ngadeukeutkeun diri nu ngalaksakeunana jeung Gusti Nu Maha Suci. Pamenta jeung doana baris dikabulkeun Allah. “Wa idzaa sa-alaka ‘ibaadii ‘annii fa-innii qariib, ujiibu da’wataddaa’i idzaa da’aanni falyastajiibuulii wal-yu minuubii la’allahum yarsyuduun.” Hartina: “Jeung lamun hamba-hamba Kami nanyakeun ngeunaan Kami ka hidep, bejakeun Kami teh deukeut. Kami baris ngabulkeun do’a jelema nu ngado’a. Kusabab eta pek cumponan parentah Kami sarta kudu ariman ka Kami sangkan maranehna ginuluran pituduh. (QS. 2 : 186).


Ngagungkeun Allah

Dina rentetan ayat-ayat puasa, dina salah sahiji ayatna, Allah mungkas ku parentah: “Wa lituk-milul’iddata wa litukabbirullaaha ‘alaa maa hadaakum wa la’allakum tasy-kuruun.” (QS. Al-Baqarah: 185). Nu hartina, “Jeung prak sampurnakeun bilangan puasa aranjeun, sarta agungkeun Allah nurutkeun pituduh nu dipaparinkeun ka maraneh sangkan maraneh jadi jalma-jalma nu mulang tarima.”

Ngaliwatan eta ayat, Allah ngatik jeung ngadidik ka diri urang, yen sanggeus tuntas ngalaksanakeun ibadah puasa, urang kudu ngagungkeun Allah tur syukuran ka Mantenna. Ieu ayat oge mere gambaran yen kahirupan muslim teh ngalengkah tina takbir kana tasyakur.

Takbir hartina ngagungkeun Allah, jeung ngaleutikkeun sagala sesuatu, iwal ti Allah. Dina ibadah puasa, ceuk Jalaluddin Rakhmat, takbir diwujudkeun ku sikep ngaleutikkeun pangaruh hawa nafsu, jeung ngahirupkeun kaagungan jeung kaperkasaan Allah dina jero hate urang. Nalika urag maca Qur’an, urang ngaleutikkeun sakabeh obrolan manusa, jeung ngan ukur ngagungkeun kalamullah. Nalika urang ngadegkeun shalat peuting di bulan Ramadhan, urang saestuna ngaleutikkeun urusan dunya, jeung ngan ngagungkeun parentah Allah. Sakabeh ibadah kita nyaeta takbir. Sakabeh ibadah urang dimaksudkeun pikeun ngaleutikkeun sagala sesuatu iwal ti Gusti Nu Maha Suci.

Allah tangtu apal, saban waktu dina ibadah-ibadah nu ku urang dilaksanakeun urang teh pikeun ngagungkeun Mantenna. Tapi, Allah oge apal, urang sok mopohokeun takbir di luar ibadah. “Di masjid, urang ngagungkeun Allah, tapi di luar masjid urang ngagungkeun harta banda, kakawasaan, jeung jabatan: urang ngagungkeun hawa nafsu, kapentingan, jeung pikiran urang. Di tempat-tempat ibadah, di musola, di masjid, urang ngagemakeun takbir. Di kantor, di pasar, di kebon, di tengah-tengah masarakat, urang mopohokeun Allah. Urang geus ngaganti takbir ku takabur,” ceuk Jalaluddin Rakhmat dina “Khotbah-Khotbah di Amerika.”

Ku jalan puasa, urang ngalatih diri deui: ngaagungkeun Allah tur ngaleutikkeun hawa nafsu. Teu gampang merangan hawa nafsu teh. Tapi, lamun urang konsisten jeung istiqomah ngagungkeun Allah, sakumaha gedena oge hawa nafsu tinangtu baris bisa dielehkeun. Hate jeung pikiran urang kudu dipuseurkeun ka Allah. Tong ngabalieus, tong ngabalieur, da bakal bahaya pibalukareunana. Ku jalan puasa, urang dididik sangkan bisa jadi manusa nu bisa ngadalian hawa nafsu. Insya Allah, lamun puasa dilaksanakeun kalayan daria, nu ngaranna kaimanan jeung katakwaan dina diri urang teh geus tinangtu baris ngaronjat.


Numpes Sikep Sarakah

“Jeung satemenna hidep bakal bisa ngabuktikeun yen maranehna teh nu pangsarakah-sarakahna kana kadunyaan, malah leuwih sarakah batan jalma-jalma nu malusyrik. Maranehna harayangeun hirup sarebu taun sewang padahal umur panjang teh hamo bisa dipake panyinglar siksaan. Jeung Allah teh maha uninga kana saniskara amal maranehna.” (QS. Al-Baqarah: 96).

Sikep sarakah, hiji panyakit ruhani nu kudu gura-giru ditumpes. Mun diantep bisa bahaya akibatna. “Pikeun sakabeh umat aya hiji fitnah. Fitnah pikeun umat kaula nya eta harta, jeung pikeun satiap umat aya anak sapi, sedengkeun anak sapi di kalangan umat kaula nya eta dinar jeung dirham,” kitu saur Rasulullah SAW.
Umat manusa, ti mimiti jaman Nabi Adam nepi ka kiwari, mibanda cocoba jeung dodoja nu matak ngajauhkeun diri tina ibadah ka Gusti Nu Maha Suci. “Cinta kaleuleuwihi kana kadunyaan, moal matak untung,” kitu ceuk Imam Al-Ghazali, dina salah sahiji pedaranana.

Hirup sarakah numpuk-numpuk harta banda teu sarua jeung digawe temen wekel ngudag harta jeung tahta. Lubak-libuk loba harta banda henteu dilarang ku agama. Nu dilarang teh sarakah, hawek, adigung ku payung butut jeung roroyalan ngahambur-hambur harta dina jalan teu bener.

Ku jalan ibadah puasa dina bulan Ramadhan, umat Islam dididik sangkan sadar yen harta banda nu lubak-libuk teh taya hartina lamun teu dikaluarkeun dina jalan Allah. Omat lamun keur loba harta gede dunya ulah mangpang-mengpeng nepi ka poho kana ibadah. Malah nu kudu mangpang-mengpeng dipigawe teh nya eta sing beuki ngadeukeutkeun diri ka Allah ku jalan ibadah, jeung ngadeukeutkeun diri ka papada manusa ku jalan daek tutulung kana nu butuh, tatalang kana nu susah.

Ibadah puasa, di antarana hikmahna teh, numuwuhkeun sikep silih pikanyaah ka sasama. Ku kituna para ulama, ceuk Nurcholish Madjid, sok nekenkeun yen salah sahiji hikmah ibadah puasa teh nya eta numuwuheun rasa solidaritas sosial. Kabuktian, ibadah puasa teh sok dibarengan ku dorongan sangkan nyieun kahadean saloba-lobana, utama kahadean nu gede patalina pikeun ngurangan beban fuqara wal masakin, nu fakir jeung nu miskin, nya eta ku jalan ngaluarkeun zakat, infak, sodakoh, jeung sajabana. Walhasil, ibadah puasa teh lian ti numpes sikep sarakah, oge numuwuhkwun binih-binih silih pikanyaah ka sasama. [MANGLE 1938, 6-12 November 2003]

M. Ridwan Firdaus

Konci Ngahontal Ridho Allah

Dina saban khutbah jumaah, teu weleh-weleh khotib mepelingan sakakabeh mustami’, oge ka sadayana kaum muslimin sareng muslimat kalawan wasiat nu utama dina eta khutbah teh nyaeta ngajak takwa ka Allah SWT. Takwa kalawan takwa anu sabener-benarna ku ngajalankeun sagala parentah-Na sarta ngajauhan sagala hal anu dicaram ku Mantenna.

Khotib nempatkeun wasiat-wasiat nu patali sareng katakwaan teh dina kalimah kahiji sateuacanna ngalengkah kana kalimah-kalimah salajengna anu bakal dipedar dina eta khutbah. Hal eta nandakeun yen anu disebut takwa teh penting pisan keur sakabeh jalma anu kumelendang di alam dunya, sabab katakwaan teh bakal numuwuhkeun kabagjaan boh kabagjaan di dunya boh kabagjaan di aherat jaga.

Katakwaan the bakal ngangkat darajat manusa kana kamulyaan, boh kamulyaan di dunya, boh kamulyaan di akherat. Manusa nu kenging kamulyaan di dunya tiasa ditinggali ku urang dina cara kahirupannana, dina sagala kagiatan anu dilakukeun ku dirina. Katakwaan mawa dirina jadi tawadhu (handap asor), teu sombong, teu adigung adiguna. Dirina yakin yen sagala nu aya tur dipiboga ku dirina teh, sakabehna estu titipan ti Gusti Nu Mahasuci.

Diri oge yakin yen titipan teh amanat, ari amanat apanan sagala rupa anu kudu dijaga sareng dimumule ku urang. Upama urang ngalalaworakeun eta amatan hartina urang parantos hianat ka Allah SWT. Lamun urang parantos khianat, tangtuna oge urang kaasup kana salah sahiji ciri tina golongan jalma-jalma munafik, sakumaha anu di terangkeun dina hadis Nabi SAW, anu unggelna kirang langkung kieu: “Ari ciri jalma anu munafik teh aya tilu, upama nyarita manehna bohong, upama janji manehna mungkir, sareng upami diamanatan manehna sulaya. “

Ku jalan takwa, insya Allah urang tiasa kahindarkeun tina rupa-rupa panyakit kamunafikan anu disebutkeun di luhur. Tiap mangsa panyakit kamunafikan ngunguntit kan sagla kagiatan sareng sagala rupa hal nu ku urang dilakonan di alam dunya. Sabab sifat kamunafikan teh datangnya ti syetan anu dilaknat ku Allah SWT . Ari syetan teu weleh-weleh ngunguntit sareng ngagoda sasakabeh umat manusia ku sagala cara sangkan milu kana pangajakna. Ari pangajakna syetan teh teu aya sanes nyaeta ngajak kana jalan anu sasar anu baris nyasarkeun boh di dunya, oge di akherat engke. Maranehanana (syetan) hayang aya batur nu maturan dirina dina naraka anu kacida panasna.

Kukituna, katakwaan nu parantos nyangkaruk dina hate urang teh ulah dugi ka ngurangan, komo deui nepi ka leungit mah. Sabab, upami katakwaan urang leungit tina hate urang, atuh dina ngojayan sagala kahirupan di alam dunya teh baris moal mibanda tujuan nu luyu sareng nu dipikarido ku Gusti Mahasuci. Cobi bayangkeun upami urang dina kahirupan ieu teu gaduh tujuan anu pasti, tangtos hirup urang teh bakal sabalang bentor teu puguh anu dituju, leumpang oge kamana karep kumaha indung suku. Indung suku malik kakaler, ngalengkah kakaler, indung suku malik ka kidul, ngalengkah ka kidul jeung saterusna.

Hal eta ku urang bisa diibaratkeun lir ibarat budak sakola. Kusabab sakola, tantuna boa tujuan pikeun ngahontal kahayangna, cita-cita. Kahayangna eta tangtuna rupa-rupa sarta beda-beda gumantung kana kahayang jeung karesepna. Kusabab kitu urang tiasa ningali, utamana barudak sakola di STM (baheulamah), anu ayeuna disebutna SMK tea, diayakeun jurusan-jurusan anu bakal dipilih ku murid-murid anu mikahayang kana eta jurusan anu diayakeun ku eta sakola.

Upama eta murid teu ngaduh tujuan anu bakal disorang, tangtu eta murid bakal nyandak jurusan teh ula-ilu bae kumaha batur. Batur nyokot jurusan ieu, manehna oge pipilueun kitu. Tapi upama eta murid teh boga tujuan nu bakal disorang, tangtuna manehna bakal nyokot jurusan anu dipikahayang sareng sajalan sareng anu jadi cita-citana. Misalna eta jalma teh ngabogaan kahayang hoyong jadi insinyur atawa sarjana mesin, sareng hoyong didamel dina bidang permesinan, tanngtuna eta murid teh bakal nyandak jurusan mesin di STM-na teh. Eta salah sahiji contoh jalma anu gaduh kahayang (cita-cita) sareng jalma anu teu gaduh kahayang.

Ngaronjatkeun katakwaan tiasa dilaksanakeun ku teras ngaronjatkeun katakwaan. Katakwaan anu tadina kirang takwa jadi leuwih takwa. Anu tadina loba maksiatna dibanding ibadahna, janten seueur ibadahna sarta ngantunkeun sagala rupa kamaksiatan anu kantos ku urang dilakukeun dina waktu anu kaliwat. Anu tadina urang loba salah dibanding benerna, ayeuna dirobah jadi loba benerna sarta ninggalkeun sagala kasalahan urang dina waktu katukang. Sanajan urang sadar yen ari jalma mah tara luput tina kasalahan. Kumargi kitu wajar wae upama urang ngalakukeun kasalahan sakali dua kalimah, tapi urang kedah geuwat-geuwat sadar sarta istigfar sarta ulah sakali-kali deui ngalakukeun eta kasalahan teh .

Ngaronjatkeun katakwaan teh tiasa ngaluhurkeun darajat hiji jalmi diantara jalma-jalma sejen. Darajat sareng kamulyaan hiji jalmi lain ditingal tina hartana anu bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, tapi kamulyaan sareng darajat hiji jalma ditinggali tina katakwaanana ka Allah SWT. Kumargi kitu, katakwaan teh peryogi teras dironjatkeun sareng dimumule ku urang dina sagala rupa kagiatan, sareng di mana bae ayana, sareng saha bae urang ku ngariung tur di lingkungan mana wae.

Katakwaan, oge baris mawa manusa kana sawarga anu langgeung, sakumaha firman Allah SWT anu hartosna: “Jeung jalma-jalma nu tarakwa ka Allah baris dibawa ka jero sawarga sakelompok-kelompok. Nalika maranehna nepi ka sawarga, tur panto-pantona dibuka, mangka penjaga-penjagana pok nyarita: ‘Kabagjaan (dilimpahkan) ka maraneh, bagja maraneh! Kusabab kitu arasup aranjeun ka ieu sawarga, sareng aranjeun baris langgeung dijerona.’”(Q.S. Az-Zumar: 73)

Dina eta ayat, Allah SWT parantos ngajelaskeun, yen jalma-jalma anu tarakwa ka Allah SWT bakal arasup ka sawarga-Na tur langgeung di jerona. Sakabeh umat manusia, ti golongan atawa ti kelompok mana bae kudu ngabogaan kahayang (cita-cita). Jalma-jalma anu ngagem agama Islam kedah ngagaduhan cita-cita anu kudu dituju, nyaeta hoyong asup ka sawarga, sabab numutkeun ayat Al-Quran di luhur tadi, ari sawarga teh pusatna sagala kasenangan sarta langgeung dijerona.

Dina ayat tadi, oge disebatkeun yen jalma-jalma anu tarakwa teh dibawa arasup ka sawarga sakelompok-sakelompok. Anu janten patarosan ayeuna nyaeta kelompok mana bae anu bakal asup ka jero sawarga teh. Dina hiji ceramahna, Rasulullah SAW ngadawuhyen engke baris aya tilu kelompok manusa nu bakal asup ka jero sawarga.

Kahiji, pamingpin anu adil, nyaeta hiji jalma anu ngagaduhan posisi kanggo ngandalikeun jalma lian kana bebeneran. Dirina, pamimpin anu ngagaduhan sikep adil boh ka jalma leutik boh ka jalma gede. Adil, nyaeta nyimpen hiji perkara kana tempatna kalawan merenah. Nerapkeun kaadilan dina sagala pola kahirupan. Ari pemimpin anu adil teh nyaeta pemimpin anu didasarkeun kana partimbangan anu objektif (kanyataan) anu sabener-benerna, sanes tina pertimbangan anu subjektif (didasarkeun tina kahayang manehna). Sareng ari pamimpin anu adil mah biasana nanceubkeun sikap jujur alias tara munafik. Sikap kajujuran ieu kalintang diperyogikeunana dina nyanghareupan kahirupan boh nu mangrupa sikep, ucap, tindakan, kitu deui lampah urang, dimana bae, sareng saha bae, tur iraha bae.

Kadua, jalma anu dina kahirupanana pinuh ku kanyaah tur kadeudeuh ka sasama. Hatena handap asor, heunteu sombong, sarta teu perenah nyingeung, komo deui ngaraheutan hate jalma lian mah. Sipat eta diterapkeunnana heunteu ngan saukur ka kulawarga atawa ka babaturanana wae, tapi oge ka sakabeh jalma, saha bae, iraha bae, dimana bae. Eta ciri anu kadua, kelompok manusa anu bakal asup ka sawarga.

Katilu, jalma anu pengkuh ngajaga kahormatan dirina tina ucapan sarta laku lampah anu teu leres, nu bakal mawa dirina kana jurang kasangsaraan boh di dunya atawa di aherat. Jalma anu kitu, dina ucap sareng kalakuanana kalintang apik tur tarabtib. Dibeuweung dithkeun, ditimbang-timbang heula, teu sagawayah samemeh diucapkeun atawa dilakonan. Naha bakal aya manfaatna keur dirina sareng jalma lain atawa malah bakal bawa madharat keur dirina atawa keur nu lian.

Jalma anu kitu, biasana ngagaduhan pamikiran anu asak tur heunteu gagabah. Jalma anu ngagaduhan pamikiran seperti kitu biasana ngagaduhan sikep anu teras-terasan ngusahakeun sagala rupa kalawan sakuat tanagana sangkan tetep aya dina jalan anu lempeng, luyu sareng ajaran Islam. Dirina tara babari putus asatur mibanda kayakinan yen anu dilakukeunnana teh bakal bisa kalaksanakeun bari teu kaluar tina ajaran agama Islam. Eta ciri anu katilu kelompok jalma anu bakal asup ka sawarga.

Kasimpulan ieu tulisan teh nyaeta, yen ngaronjatkeun katakwaan mangrupa konci pikeun ngahontal ridho Allah SWT. Katakwaan teh peryogi teras-terasan ditingkatkeun ku jalan nyakeutkeun diri ka Gusti Nu Mahasuci. Urang kedah teras-terasan tiasa ngushakeun sangkan sagala parentah Allah SWT tiasa ku urang dilaksanakeun, tur sagala panyaram-Na tiasa ditebihan.

Ku katakwaan eta pisan urang baris tiasa ngahontal darajat kamulyaan boh di dunya boh di akherat. Ari anu jadi ciri-ciri kelompok anu bakal asup ka sawarga numutkeun Rasulullah di luhur, nyaeta pamingpin anu adil, jalma anu mikanyaah sareng mikaheman ka sasama kalawan kaheman nu saestuna, tur manusa anu tiasa ngajaga kahormatan dirina tina ucapan sareng kalakuanna anu teu leres. Wallahu’alam***

Drs. Tajul Arifin, M.A

Lima Ciri Ahir Jaman

Dawuhan Allah SWT dina surat Ar-Rum ayat 41, unina kieu : “Doharul fasadu fil barri wal bahri bima kasabat aidinnas liyudiqohumma ba’dolladziina ‘amilu la’alakum yarzi’un.” Nu hartosna, “Karuksakan di darat jeung di laut teh alatan pagawean/leungeun manusa, anu balukarna Allah nibankeun ka maranehna (wawales tina) sabagean anu ku maranehna dilampahkeun, supaya maranehna babalik pikir.”

Lamun manusa ngaruksak alam hartina manusia geus teu narima kana sunnatullah. Alam nu disaurkeun pikeun babalik pikir teh, lain harti kudu diruksak, tapi estuning kudu jadi cecekelan pikiran manusia pikeun dzikir ka Allah. Manusa nu ngaruksak alam sareatna alatan jauh ti Allah.

Ku kituna, ayana banjir, urug, lini, angin topan, peperangan, panyakit AIDS, kadoliman, kama’siatan, lobana nu ngaligeuh jeung sajabana, upami diemutan mah manusa keneh nu nyieunna. Lain wungkul ngaruksak alam, tapi geus ngaruksak hate-hate jalma. Kitu deui manusa di alam kiwari geus betah dina kama’siatan, padahal kitu peta teh bakal moekan hirup manusia di dunya keneh. Kitu deui di alam kuburna, bakal poek mongkleng, tur moal aya nu nulungan.

Dina hal eta, Rasulullah SAW ngadawuh, nu hartosna : “Prak geura gura-giru migawe amal soleh sabab baris kajadian rupa rupa fitnah (isu-isu) lir gumplukan-gumplukan peuting nu poek mongkleng buta rajin. Dina eta jaman, jalma-jalma teh isuk-isuk ariman, ari sorena kalapir. Maranehna teh sok ngajual agamana ku harta bandana (kamewahan dunya).” HR. Muslim

Panyakit fitnah lamun geus napel dina diri manusa, tangtu hese dipiceunna, sahingga nerap dina hate jalma sipat munapek. Hartina sagala pagaweanna teu luyu jeung omonganana. Letahna teu sarua jeung pagaweanana. Ka batur nitah sangkan alam kudu dipiara, tapi manehna sorangan malah ngaruksak. Kitu teh, bakating manehna ngudag-ngudag kabeungharan tea. Kumaha carana sangkan sagalana kacumponan, bari teu nenjo balukarna.

Lamun loba jalma geus resep migawe kasuksakan, tanwande kahirupan baris riceuw. Kaayaan jadi tibaralik. Dawuhan Rasulullah SAW, “Bakal datang hiji jaman di mana jelema-jelema teu kuat deui neangan pakasaban kahirupannana anging ku jalan ma’siat nepi ka waktu harita jalma-jalma pada barohong jeung murtad. Mangka di mana kaayaan geus kitu aranjeun kudu hijrah.” Sahabat naros : “Kedah Hijrah ka mana abdi teh?” Waler Nabi: “Kudu Hijrah ka Allah kana al-Qur’an jeung kana Hadits.” (HR. Ad-Dhilamy)

Ku margi kitu, lamun ngemutan kaayaan jaman kiwari, sabagean manusia teh geus teu bisa nempo mana nu halal mana nu haram, mana nu bakal maslahat, mana nu bakal madarat. Padahal dawuh Nabi SAW: “Bakal datang hiji jaman di mana manusa henteu merhatiken deui sumber kahirupan maranehna, naha tina sumber nu halal atawa tina sumber nu haram.” (HR. Bukhari)

Sumber hirup nu halal datangna tina kamaslahatan, sedengkeun sumber hirup nu haram datangna tina kamadaratan. Ayeuna mah manusia geus lalieur pajar teh sumber nu haram oge hese komo nu halal. Ku kituna, boa-boa urang geus deukeut kana poe kiamat.

Dawuhan Rasulullah SAW: “Ciri-cirina tereh kiamat kubro teh aya lima perkara nyaeta : Loba jalma resep nyieun dosa, tapi mopohokeun kana tobat, lolobana jelema teh betah pisan di dunya, tapi mopohokeun kana kubur, lolobana jalma teh resep teuing kana harta banda, bet bari mopohokeun ngahibahkeun infaq, zakat, sodakoh, lolobana jalma teh resep kana kamewahan/kamegahan, tapi mopohokeun kana hisaban (balitungan amal di aherat) jeung lolobana jalma teh resep hirup, tapi mopohokeun kana maot.” (al-hadis).

Jalma nu resep nyieun dosa hartosna sapopoena ngabalieurkeun parentah Allah, boh parentah dina ibadah mahdoh atanapi goer mahdoh, oge ka sasama manusa. Rek tobat oge teu bisa, lantaran ngarasakeun ni’mat hirupna tina maksiat wungkul. Kitu deui, loba jalma nu hubbud dunya, bari poho kana sodakoh.

Jalma model kitu teh bisa oge disebut takabur. Jalma nu takabur geus tangtu di dunyana bakal dibendu, atuh di aherat baris digebruskeun kana naraka jahanam. Jeung loba-loba deui jalma nu mopohokeun kana ni’mat Allah. Ieu ciri-ciri bakal deukeut kana poe kiamat.

Upami kitu gambaran mangsa kiwari, mangga urang wanti-wanti ti ayeuna. Boa-boa dina diri urang, kulawarga urang, aya dina kadoliman teh, naha urang geus deukeut, ngalaksanakeun parentah Allah atawa sabaliknya. Kitu deui, naha di sagigireun urang aya kama’siatan, nu ngalakukeun dosa teu diingetan. Lamun tos loba kitu, Allah bakal nibankeun azab ka manusa, tangtuna ka jalma nu migawe dosa.

Dawuhan Rasulullah SAW, “Lima rupa azab baris ditibankeun ku Allah, mudah-mudahan aranjeun (kaom Anshor jeung Muhajirin) henteu ngalaman, hiji, di mana pelacuran geus euweuh deui kaera, pasti nyebar panyakit anu aneh-aneh anu acan kajadian samemehna. Kadua, upama jalma geus teu jujur, sagalana dipalsukeun, pasti ngalaman kasab hirup nu kacida beuratna jeung kadoliman aya di mana-mana. Katilu, upama zakat geus teu beres deui, nu beunghar kaleuleuwihan, nu miskin kurang diperhatikeun, pasti hujan dieureunan ku Allah upama teu mikaasih ka sasatoan mah.

Kaopat, di mana janji Allah jeung hadis Rasulullah geus dilanggar jeung disalahgunakeun, pasti musuh-musuh maranehna nu beda agamana baris mangaruhan sarta ngajajahna. Kalima, upama kokolot maranehna teu merhatikeun kana eusi (pangeling/panggeuing) Al-Qur’an malah neupi ngalalaworakeun pisan, pasti timbul tindakan-tindakan sawenang-wenang nu teu dipiharep, nya timbul kakalutan dina sagala widang.” (HR. Abdullah bin Umar). Na’udzubillahimin dalik. Dawuhan Rasulullah SAW di luhur tadi, mangsa kiwari katingali pisan, kumaha kamaksiatan geus teu sumputsalindung deui. Jalma rek kukumaha oge loba jalan. Dina koran loba iklan tempat maksiat. Iraha bae oge bisa.

Kitu deui, kiwari geus loga jalma teu jujur. Majarkeun lamun teu jujur mah moal bisa hirup. Lamun panyakit manusa geus kitu, jelas kadoliman, panipuan bakal aya di mana-mana. Aya pamingpin lain ningalikeun tauladan, malah ningalikeun kabingungan, hubbud dunya, parebut jabatan, teu bisa tegas mana nu haram, mana nu halal. Alatan kitu timbul kariceuwan dina sagala widang. Geus puguh ari amanah mah, nu beunghar beuki beunghar nu miskin beuki dikekeyek ku nu beunghar. Ku margi kitu pantes kiamat sugro, adzab Allah bakal ditibankeun ka manusa. Lobana kajadian, lini, banjir atawa halodo (hese cai) jeung musibah di mana-mana, hakekatna mah adzab ti Allah, syareatna lantaran manusa resep nyieun karuksakan.

Kitu deui dina masalah hukum, dina nanjeurkeun papagon hirup, hukum agama teu dipake atawa ahli agama teu diperhatikeun, Allah baris ngajauhkeun berkah hirup. Pamingpinna lain nu wijaksana jeung adil, tapi munculnya pamingpin nu dolim. Nyaeta pamingpinna nu patojaiah jeung parentah agama Allah.

Saur Rasulullah SAW, “Baris datang ka umat kaula hiji jaman di mana maranehna ngajauhan para ulama jeung ahli fiqih (hukum agama). Mangka Allah nurunkeun cocoba ka maranehna ku tilu cocoba nya eta: hiji, Allah ngaleungitkeun berkah tina kasab (gawe) maranehna. Dua, Allah ngawasakeun ka maranehna salah saurang panguasa nu dolim. Tilu, maranehna kaluar ti ieu dunya (maot) dina kaayaan teu aya iman.” (al-Hadis)

Kaunggel deui dina hadis ti Anas bin Malik r.a. anjeuna nyarios yen Rasulullah SAW ngadawuh: “Saenya-enyana di antara tanda-tanda poe kiamat nyaeta dicabutna (leungitna) elmu, tetepna kabodoan, ngarinum hamar (inuman keras) di mana-mana, timbulna perjinahan, lobana awewe jeung saeutikna para lalaki nepi kajadian 50 urang awewe dicangking ku saurang (lalaki)” (HR. Bukhari).

Ku margi kitu dina enggoning nangkis sababaraha kadoliman, kamaksiatan, kabodohan, jeung sajabana teu aya deui jalan iwal urang uihkeun deui sagala pasualan kana papagon agama Allah. “Dzaalikal kitabu la roiba fihi huddal lil muttaqin.” Papagon nu teu aya karaguan deui pikeun tujuan hirup manusa takwa nu miseja bagja di dunya, bagja di aherat.

Kitu deui urang kedah yakin, dawuhan Allah dina surat Ar-Rum ayat 44 : “Man kafaro fa’alaihi kufruhu, waman ‘amila sooliha falima anfusihim yamhadun.” Hartosan : Sing saha nu kupur, nya kupurna teh jadi mamala pikeun dirina, jeung sing saha anu ngalampahkeun amal soleh, nya maranehna sasadiaan pikeun dirina (di sawarga).
Di aherat Allah moal pahili mana jalma kapir, mana jalma soleh. Baris jelas wawales nu baris ditibankeunana. Ku margi kitu, kanggo urang salawasna sing nganteng kalawan heunteu mangmang, henteu cangcaya, tegesna geus nyaksi karasa karampa yen taya deui Pangeran nu ngaratuan sakabeh alam katut saeusina, anging Allah Nu Maha Suci. Mudah-mudahan dina raraga milangkala Kamerdekaan RI nu ka-58, urang tetep kalebet jalma nu bakal meunang pituduh sareng magfirah Allah SWT. Amien.

Rihhadatul Aisy (Munara Cahya – Mangle Online)



Konci Pamingpin Muka Tali Kanyaah Rahayat

Kacida endahna lamun kahirupan kiwari persis kahirupan di jaman Rasulullah SAW. Pamingpin nyaah ka rahayatna, rahayatna oge nya kitu deui. Sigana mah nu disebut krisis ekonomi, krisis moneter, krisis kapamingpinan, jeung krisis sabangsana teh moal kajadian di nagara urang.

Neang pamingpin nu mikanyaah tur dipikanyaah ku rahayatna teh teu gampang. Komo dina mangsa kiwari, nu meh sagalana diukur ku kapentingan dunyawi. Salila euweuh kapentingan kadunyaan nu nguntungkeun mah biasana sok disapirakeun. Teu di pamingpin teu di rahayat, kitu kanyataan teh geus ampir ilahar.

Padahal, silih pikanyaah antara pamingpin jeung nu dipingpinna teh hiji konci pikeun ngawujudkeun suksesna pangwangunan dina sagala widang. Sabalikna, lamun pamingpin jeung nu dipingpinna geus euweuh tali kanyaah nu nganteng dina ati sanubari masing-masing, tangtuna nu disebut baris sukses ngahontal tujuan jeung cita-cita pangwangunan teh kacida jajauheunana.

Di jaman Rasulullah SAW, tali kaasih jeung kanyaah antara nu dipingpin jeung dipingpinna teh kacida kuatna. Ku kituna teu kudu hemeng, lamun harita Rasulullah SAW bisa sukses ngawangun peradaban Islam dina waktu nu teu lila. Konci nu utamana taya lian nya eta numuwuhkeun sikep silih pikanyaah jeung silih pikaasih.Lamun nagara urang hayang maju, hayang sukses ngawujudkeun pangwangunan koncina teh nya eta tadi: numuwuhkeun rasa silih pikanyaah antara pamingpin jeung rahayatna. Lamun silih asih, silih asah, jeung silih asuh geus ngabaju insya Allah naon nu dicita-citakeun baris kalaksana.

Kasuksesan Rasulullah

Suksesna Rasulullah SAW kuduna mah jadi enteng. Para pamingpin Islam boh di tingkat lokal boh di tingkat nasional, kudu ngajadikeun Rasulullah SAW minangka uswah. Ku jalan kitu, lain saukur kabina naon nu disebut tali ukhuwwah islamiyahna, tapi oge baris kabina tali ukhuwwah insaniyahna.

Deudeuh jeung nyaahna para sahabat ka Rasulullah SAW pada harita, hiji bukti kuatna tali kanyaah antara pamingpin jeung nu dipingpinna. Malah apanan, saperti nu geus didadarkeun dina HR Ibnu Hatim mah, para sahabat teh nepi ka aralim papisah jeung Kanjeng Rasul SAW teh.

Dina eta hadits dijentrekeun kumaha kanyaahna para sahabat ka Kanjeng Nabi SAW. Nepi ka para sahabat harita nyararita kieu: “Ya Rasulullah, abdi sadaya alim papisah ti Rasul, tapi engke di aherat Rasul mah bakal diangkat sasarengan sareng para Nabi sadayana kana darajat nu langkung mulya ti umat nu sanes. Ku kituna tinangtos abdi sadaya moal tiasa riung-mungpulung deui sapertos ayeuna.”

Kacida endahna lamun kahirupan kiwari samodel kitu. Pamingpin nyaah ka rahayatna, rahayatna oge nya kitu deui. Sigana mah nu disebut krisis ekonomi, krisis moneter, krisis kapamingpinan, jeung krisis sabangsana teh moal kajadian di nagara urang. Kiwari mah apanan sabalikna, nu disebut tali kanyaah teh saukur diiket ku kapentingan kadunyaan wungkul. Jauh mela-melu dibanding jeung jaman Rasulullah SAW.

Sikep jeung akhlak Rasulllah SAW nu mikanyaah ka rahayatna mangrupa konci pikeun muka tali kanyaah rahayatna ka dirina. Lamun silih pikanyaah geus ngawujud tangtuna oge naon-naon nu dicita-citakeun teh baris kahontal. Tapi hanjakal, para pamingpin di urang mah siga nu tara maca sajarah kasuksesan Rasulullah SAW.

Hemeng tuda di nagara urang mah. Ari jadi pamingpin pahayang-hayang, ari ngabuktikeun diri mikanyaah ka nu dipingpinna teu ieuh dilaksanakeun. Kanyaah ka rahayat teh saukur diucapkeun, bari teu ieuh ngabukti. Sok we tengetan kiwari. Ari rek pemilu mah apanan paboro-boro meuli hate rahayat teh. Teu sirikna siga nu rek pangbelana ka rahayat teh.

Tapi lamun geus jadi, naon nu dikedalkeun, naon nu dijangjikeun teh poho kabina-bina. Kitu tah kalolobaanana para pamingpin di nagara urang mah. Matak pantes lamun rahayat ngarasa dinyenyeri, ngarasa dikakaya. Lamun hate rahayat geus raheut, timbul we sikep teu percaya ka pamingpin. Antukna, najan enya programna hade, rahayat jadi apatis, nu ahirna pangwangunan nu dicita-citakeun oge baris moal kalaksana. Lamun geus kieu apanan bahaya. Tah ieu panginten nu kedah janten emutan para pamingpin di urang teh, boh di pamingpin tingkat lokal boh pamingpin di tingkat nasional.

Tali asih antara pamingpin jeung dipingpinna teh kacida pentingna. Konsep silaturahmi dina ajaran Islam salasahijina pikeun numuwuhkeun silih pikadeudeuh pikaasih sapapait samamanis. Siliturahmi nu meungkeut pamingpin jeung nu dipingpinna nepi ka bener-bener sapapait samamanis teh geus dibuktikeun dina jaman Rasulullah SAW. Ti dinya pisan nu jadi marga lantaran Rasulullah SAW mampuh ngawangun peradaban Islam nu taya tandingna, dina waktu nu kacida pondokna.

Picontoeun
Dina konsep Islam, pamingpin teh mibanda tanggung jawab nu kawilang gede tur kacida beuratna. Cing urang lenyepan pidawuh Allah SWT di handap ieu, nu hartosna kirang langkung kieu: “Naha aranjeun teu merhatikeun jalma-jalma nu geus nukeurkeun ni’mat Allah ku kakufuran jeung ngagejretkeun kaomna ka lembah kabinasaan? Pikeun maranehna naraka jahannam. Maranehna asup ka jerona, jeung eta tempat teh panggoreng-gorengna tempat pangbalikan,” (QS. Ibrahim: 28-29).

Beurat jadi pamingpin teh, mun teu bisa mawana mah baris tisoledat kana jalan nu salah. Ku kituna, sing ati-ati lamun urang kabeneran dipercaya jadi pamingpin. Sabab, saperti kaunggel dina ayat di luhur oge, beurat geuning jadi pamingpin teh. Mun teu bener mawana bisa cilaka tigebrus kana naraka.

Sacara sosiologis, hade-gorengna rahayat hiji nagara loba gumantung kana hade-gorengna nu jadi pamingpin. Disebut kitu, sabab nu baroga kakawasaan teh apanan maranehna. Ti mimiti nu nyieun kawijakan makro nepi ka kawijakan mikro, apanan maranehanana. Rahayat mah saukur ngalaksanakeun. Jadi, lamun para pamingpin di hiji nagara salah nyieun kawijakan, tangtuna nu baris kabawa cilaka teh lain saeutik.
Sabalikna, lamun para pamingpinna mampuh mawa kakawasaanana pikeun kamaslahatan umat nu luyu jeung aturan Allah, tinangtu nu baris kabawa bagja oge baris loba. Tah eta nu jadi lantaran pentingna milih pamingpin nu bener teh. Sabab dampak jeung pangaruhna bakal gede tur lega.

Ku kituna, dina kondisi kumaha wae oge, nu jadi rahayat teu bisa sagawayah dina milih pamingpin. Sing ati-ati jeung tarabti, bisa hanjakal jaga. Para calon pamingpin, oge sing bener-bener ngabekelan diri sangkan dina jadi pamingpinna bisa mangpaat pikeun sakumna rahayat. Malah para calon pamingpin ti umat Islam mah geus sakuduna ti ayeuna keneh ngasakkeun diri.

Sabenerna, lamun hayang bener jadi pamingpin mah, kudu asak nitenan jeung ngalarapkeun kahirupan sakumaha nu geus dicontokeun Rasulullah SAW. “Saestuna geus aya dina diri Rasulullah SAW picontoeun nu hade pikeun anjeun, pikeun jalma-jalma nu miharep (rahmat) Allah jeung (datangna) poe kiamah jeung loba dzikir ka Allah.” (QS. Al-Ahzab: 21).

Pamingpin nu bener, baris mawa rahayatna kana jalan nu lempeng, jalan nu luyu jeung Al-Qur’an tur As-Sunnah. Lamun Al-Qur’an jeung As-Sunnah geus jadi patokan para pamingpin dina nyieun kawijakan, insya Allah nu ngaranna karaharjaan tur kabagjaan teh baris kacumponan. Kasalametan dunya rawuh aherat nu salila ieu ku rahayat diimpi-impikeun teh baris kalaksana.

Amanah kapamingpinan nu geus dipercayakeun kahade tong dilalaworakeun, sok komo disalahmangpaatkeun mah. Bisi matak kaduhung, boh di dunya boh di aherat. Lengkah paripolah jeung amal soleh nu sapopoe dilaksanakeun sing bener-bener teu mengpar tina Al-Qur’an jeung As-Sunnah. Ku jalan kitu, insya Allah, amanah kapamingpinan nu dipercayakeun ka urang teh baris mere kabagjaan nu kacida gedena.

Pikeun umat Islam nu kabeneran diamanahan nyepeng kalungguhan tur kakawasaan kudu diniatan ihlas karana Allah pikeun nanjeurkeun izzul Islam wal muslimin. Ruh jihad kudu nanceub jero dina dirina.

“Henteu sarua jalma-jalma golongan mu’minin nu candukul tanpa uzur jeung kaom mujahidin fi sabiilillaah nu ngorbankeun harta jeung jiwa-ragana. Allah ngangkat kaom mujahidin nu ngorbankeun harta jeung jiwana sadarajat leuwih luhur batan jalma-jalma nu candukul. Jeung Allah ngajangjikeun ganjaran nu alus pikeun maranehna sarerea. Tapi Allah ngaganjar kaom mujahidin ku ganjaran nu leuwih gede batan ganjaran pikeun nu carandukul.” (QS. An-Nisa: 95).*** [MANGLE 1950]

Drs. Enjang Muhaemin

Mapaesan Diri Ku Sipat Sabar

Sadaya jalmi nu kumelendang di ieu alam dunya baris ditibanan dua perkara. Kahiji, ujian nu sipatna pikabungaheun, kadua ujian atanapi cocobi nu sipatna pikasediheun. Rasulullah SAW kantos miwarang ka umatna yen urang kedah ngadu’a sangkan diuji teh ku perkara-perkara anu sipatna matak pikabungaheun.

Seueurna harta nu ngaleuyah, rejeki anu mucekil, pon kitu deui kadudukan anu luhur, salira sehat tur seueur anu mercanten, eta teh di antawisna mangrupi ujian.

Sedengkeun ari ujian anu sipatna matak pikasediheun, di antawisna nyaeta sapertos teu damang, hirup masakat, ngaligeuh, sareng sajabina. Sikep urang dina mayunan ujian sapertos kitu tegesna kedah tiasa sabar sareng tawekal. Sabar anu sampurna nyaeta sabar anu henteu nembongkeun sikep luh-lah sareng ngarasula.

Obrolan nu baris kapihatur dina ieu pitutur nyaeta seja ngabahas perkara sabar sareng tingkatan-tingkatanana, naon ari sabar teh, kumaha carana urang sangkan janten jalmi anu sabar, kumaha sikep Pangeran ka jalmi sabar? Opat perkara eta anu baris diguar dina ieu bahasan.

Hujjatul Islam Imam Al-Ghazali nandeskeun, sabar nyaeta ajegna tungtunan agama nyaeta hidayah Gusti anu ngalantarankeun manusa wanoh ka Gustina, cinta ka Rosulna, sareng ngamalkeun ajaranana.

Sabar nyaeta sipat anu ngabentenkeun antawis manusa sareng sato dina hal meruhkeun hawa napsu, mangrupi dorongan syahwat. Sabar sanes hartosna tumamprak kana kaayaan, cul usaha sareng ihtiar geusan ngungkulan pasualan anu tumiba tur karandapan. Namung, ari anu namina sabar nyaeta dimana urang katibanan bala’ atanapi ujian lajeng eta pasualan teh disanghareupan ku cara anu positip, ngalaksanakeun usaha sareng ihtiar anu pinuji.

Sabar kedah dijantenkeun tameng pikeun jalmi anu ariman dina mangsa mayunan kasusah hirup. Hal ieu luyu sareng pidawuh Allah SWT dina Al-Qur’an surat Al-Baqarah ayat 45: “Geura prak menta tulung (ka Kami) ku jalan sabar jeung ngadu’a.”

Numutkeun filsafat Islam, aya lima rupi sikep kasabaran. Kahiji, sabar dina ibadah (as-shabru fil ibadah), nyaeta tigin ngadisiplinkeun diri dina nyumponan sarat rukun tertibna ibadah. Kadua, sabar nalika kenging musibah (as-shabru ‘indalmusibah), nyaeta janglar sareng jembar manah nalika katibanan musibah atanapi cocobi boh ku cocobi nu mangrupi kamiskinan, kacilakaan, ajal, sareng sajabina.

Nu katilu, sabar kana kahirupan dunya (as-shabru ‘aniddunya), nyaeta sabar kana tipu daya dunya, teu kapincut ku kani’matan hirup di dunya, oge teu ngajantenkeun dunya mangrupi tujuan. Dunya estu dijantenkeun sarana kanggo mayunan hirup anu baris langgeng salamina, tegesna alam aherat.

Kaopat, sabar dina nyangharepan ma’siat (as-shabru ‘anil ma’shiat), nyaeta ngadalian diri supados henteu tigebrus kana kama’siatan. Turta ngalakonan amar ma’ruf nahi munkar.

Kalima, sabar dina bajoang (as-shabru fil jihad), sadar sagemblengna yen satiap perjoangan hirup teu salamina lancar ngaguluyur, tanwande aya wae halangan harunganana, aya mangsana unggul aya mangsana apes.

Sangkan urang janten jalmi anu tiasa sabar, saratna kedah kagungan elmu. Margi, jalmi anu anu kagungan elmu mah, kolbuna teu weleh seukeut. Jalmi anu linuhung ku elmu jembar ku pangarti nalika kenging ujian anu matak ngabalukarkeun sedih tur ngangres, jiwana teu weleh wijaksana. Inyana teu weleh kagungan kayakinan yen naon rupi perkara anu tumiba tangtos aya hikmahna.

Sipat sabar tiasa ngancik dina batin kumereb dina jiwa saupami urang teras-terasan ngasah diri milari pangarti, nyiar luang nambihan kamekaran sareng kajembaran jiwa.

Gusti Nu Mahasuci baris maparin ganjaran pikeun jalmi anu sabar ku mangrupi surga jannatun na’im. Pon kitu deui, Allah SWT baris maparin kasuksesan pikeun jalmi-jalmi anu sabar dina enggoning ngahontal naon rupi karep sareng tujuan hirup. “Man shobaro dzopiro”, sing saha anu sabar pasti naon nu dipaharepna baris kahontal. Kitu di antawisna sikep Mantenna pikeun jalmi-jalmi anu sabar.

Sawadina urang tiasa nyandak suri toladan umat-umat zaman kapungkur, kumaha aranjeunna mapaesan dirina ku kasabaran, sabar anu pinuji. Aranjeunna mibanda kayakinan yen ngabiasakeun diri taat ka Gusti Allah eta kalebet sabar. Nyingkahan kama’siatan (pagawean dosa) eta oge kalebet kana sabar. Pon kitu deui, janglar nandangan kasusah sareng kasulitan kalebet sabar. Ngajagi sareng mulasara rusiah, nyumponan amanat, ngajagi lambey tina cariosan-cariosan awon, oge kalebet sabar.

Alkisah dina tarekh Islam kasebatkeun kumaha paitna kahirupan para nabi. Tapi, aranjeunna teu weleh sabar tur tawekal ka Gusti Nu Mahasuci. Nabi Ayub nu kenging cocobi mangrupi kenging kasakit nu kalintang parnana, tur Nabi Ibrohim nu dibeuleum hirup-hirup. Pon kitu deui Nabi Muhammad nu kenging halangan teu kenging abotna ti kaum kapirin, nalika anjeunna ngadugikeun risalah agama Islam dina mangsa harita.

Dina enggoning mayunan rupi-rupi pasualan sareng situasi, minangka muslim, sabar kedah dijantenkeun tameng geusan ngahontal kasuksesan.Allah SWT ngadawuh dina Al-Qur’an, surat Ali Imron ayat 200, nu hartosna, “Yeuh jalma-jalma anu ariman tanwande aranjeun kudu sabar jeung pageuhan ajen kasabaran di antara aranjeun, kudu tatan-tatan sarta kudu takwa ka Gusti Allah supaya aranjeun aya dina kasuksesan.”

Dina eta ayat ditandeskeun, opat sipat anu baris tiasa ngahontal sukses, nyaeta sabar, silih sabarkeun, taki-taki, sareng takwa. Sukses anu dimaksad dina hartos anu kalintang jembar, enas-enasna kalebet kabagjaan di dunya rawuh kabagjaan di aherat.***

Lili Guntur – webmaster@mangle-online.com